"Histeris Cinta Dadang"
Nu Nieun
Jeung Nu Diperankeun :
Dewi Natalia Sirait : Ema Ijah
Ghina Amalia Solihah : Ema Entog
Imas Ani Mardiani : Tukang pokarewet
& ibu warung
Linton Chintya Siahaan : Prieciel
Nisa Destiyana Widya : Enok &
Neng
Taufik Hendar : Abah Oyoh
Topan Deno : Dadang
Waode Melisa Lestari : Claudya
XI IPA
1
SMAN 1
MARGAASIH
KAB.
BANDUNG
Hiji mangsa, ti hiji kampung
Bojong Leungit aya hiji kaluarga anu di antarana Abah Oyoh, Ema Entog, jeung
anakna Dadang.
Di buruan .....
Ema : Dang
....
Abah :
Dut!
Ema :
Dang ....
Abah : Dut
!
Ema :
Naaaa, ari abah nanaonan ?
Abah : Teu
ah !
Dadang : (nyamperkeun ema) aya naon atuh ma, meni
rariweh. Dadang teh keur hese-hese berjuang teh.
Ema :
Berjuang naon ari maneh teh ?
Dadang : eta...biasa keur setor di cai.
Ema :
euleuh....euleuh.... ari si Dadang, dasar manehmah bisana ngan ukur hardolin
weh!
Dadang : hehe... aya naon tadi teh ma ngageroan
Dadang ? Mun sakira-kiran penting mah sok ku dadang di dangukeun . ngan, mun
teu pentingmah sori-sori weh ma Dadang teh sibuk !
Ema :
euleuh si borokokok ! nya penting atuh ieu mah, matak ge dangukeun heula ema!
Cik kadie, tah maneh diuk didieu (nuduhkeun tempat diuk). Kieu dang, gening si
enok teh rek dijodokeun.
Dadang : ah, di jodoken kumaha ?
Ema :
piraku maneh teu ngarti dang ? ari maneh pernah dahar bangku sakola can ?
piraku kitu wae teu ngarti !
Dadang : aduh si ema, aya-aya wae tumaros teh ma,
piraku dadang nuang bangku sakola? Nya can pernah atuh ma! Tah lamun si sumanto
pernah, mineng malahan.
Ema :
euleuh si dadang ! sumanto mah lain dahar bangku sakola atuh dang, ayana ge
dahar daging jelema! Ah maneh mah lieur. Yeuh dang, si enok teh dek dikawinkeun
ku indungna!
Dadang : ohhhh...... dikawinkeun. Ngomong atuh ma
titatadi, dikawinkeun kitu! Jadi meh ngarti, teu bolat-balit kawas tadi.
Ema :
eh, si dadang kalahkah nyebut “oh”. Itu dang, si enok dek dikawinkeun!
Dadang : hahhh ? apa ma ??? tiiidakkkkk !!!!!!!!
Ema :
apah,apah jiga orang kota wae!
Dadang : tah eta ma ?
Ema :
tah eta naon ?
Dadang : nya eta dadang teh kudu ka....ka...
Ema :
kamana ? kamana ? ka... ka... ka...kebon?
Dadang : heunteu ma henteu...
Ema :
euh ... euh ...
Dadang : sok sok ma, tuluy saetik deui ma !
Ema :
euh ... euh ... ah ema apal! Sok naon sok ?
Dadang : euh ... euh bah, bah bantuan bah ?
Abah :
naon atuh dang ?
Dadang : sok naon sok bah ?
Abah : euh
... euh ...
Dadang : buru atuh bah !
Abah : euh
... sawah? Munding? Gunung?
Ema :
sok gewat bah, sok ku ema di suportlah bah!
Abah : euh
... bangkong? Kodak? Katak? Euh .. naon atuh kata kuncina?? Teuing ah lieur!
Abah mah rek nuluykeun maca koran welah. (nuduhkeun koran) tuh tinggali di kota
mah ...
Dadang : (motong omongan) tah, tah eta bah! Wah
si abah pinter euy ...
Abah :
weess ... abah tea atuh. Dang, tibahela ge abah mah pinter, ngan teu nyirikeun
weh.
Ema :
emch, bagja !
Dadang : tah eta ma, dadang teh kudu ka kota neangan
duit keur ngalamar si enok.
Ema :
ulah dang, ema mah teu satuja!
Dadang : satuju meren ma!
Ema :
nya eta, ema teh teu satuju!
Abah :
abah ge teu satuju!
Dadang : atuhma, bah pan dadang teh dek ngalamar
neng enok kudu make biaya, ku duit ma, duit! Janten dadang teh kedah gawe meh
meunang duit keur ngalamar si neng enok.
Ema :
atuh dang, lamun dadang indit engke ema jeung saha?
Abah : naaa, ari ema, ieu abah moal dianggap?
Teuing ah, abahmah dek pundung we ah. (asup ka jero imah)
Dadang : pokonamah dadang dek indit ka kota,
titik (bari indit)!
Ema :
daaaaaaaaaaaannngg!!! Jangan tinggalin emaaa!!
Dadang : meni lebay ma, dadang mah moal ka
mana-mana.
Ema :
lah eta maneh dek kamana?
Dadang : dadang mah dek ka imah si neng enok, dek
mastikeun beneur henteu neng enok teh dek dijodokeun.
Ema :
oh... panya teh dek kamana ?
Ti
dinya dadang langsung indit ka imah si enok, maksadna mah dek mastikeun bener
henteuna isu perjodoan si enok.
Di buruan enok ....
Dadang : enok ...
Enok :
muhun kang?
Dadang : leres enok tek bade di jodokeun ?
Enok :
muhun kang, tapi enok teh alim dijodokeun, da enok mah cintana ge kan ngan ka
kang dadang saurang. (isin-isin)
Dadang : sami enok, akang ge cintana ngan ka enok
saurang. Matak ayeuna akang bade angkat ka kota, bade milarian acis kanggo
nagalamar neng enok. Janteun, antosan akang nya neng ?
Enok :
muhun kang, enok jangji bakalan satia ka akang, bakal nungguan akang dadang
dugi ka mulih.
Wengina,
tanpa kanyahoan ku sasaha, dadang mereskeun baju, maksadnamah bade kabur ka
jakarta tea. Si dadang langsung indit ka jakarta, ngan teu ijin heula ka ema
jeng ka abahna.
Isuk-isik di dapur....
Ema :
daaang!
Abah :
(diuk di korsi) dut!
Ema :
daaang!
Abah : dut !
Ema :
euh si abah kabiasaan! Kamana nya si dadang teh ? naha, sare keneh kitu?
Abah :
duka, abah mah teu apal. Cikan pariksa ka kamarna, bisi ngagoler keneh.
Ema :
hayu atuh bah urang pariksa.
Ema
jeung abah mariksa ka kamar si dadang.
ema :
(asup ka jero kamar) aduh abah ... si dadang kamana? Naha teu aya di kamarna?
Abah :
kuanaon ma, kunaon?
Ema :
ieu bah, si dadang eweuh!
Abah :
naha ? si dadang teh kamana? Cik teangan di kolong kasurna, bisi ngagulutuk!
Ema :
(mariksa kolong) teu aya bah!
Abah :
(manggihan surat) ieu naon nya? (ngomong lalaunan). Ema, ari ieu naon?
Ema :
cik ema hoyong ninggal! Bah, ieu teh eusina naon?
Abah : euh
si ema, sugan teh bisa maca.
Ema :
hehehe.....
Abah :
(maca surat dadang)
Asalamu’alaikum
wr wb ...
Ma,
bah, hampura dagang nya?
Ema :
dadang bah lain dagang.
Abah :euh
atuh da tulisan teh siga ceker munding.
Ema : si
abah aya-aya wae, sok tuluykeun deui bah.
Abah :
(nuluykeun maca)
Asalamu’alaikum wr wb ...
Ma, bah, hampura dadang
nya? Dadang teh nekad ka Jakarta teu pamit heula ka abah sareng ema. Margi, upami
dadang pamit ka ema, dadang moal diijinan ku ema, janten dadang teh kabur wae.
Dadang ka Jakarta teh demi neangan artos kanggo ngalamar si enok. Upami, ema
sareng abah kangen ka dadang mah, telepon dadang weh. Engke dadang ge pasti
uih, antosan dadang weh nya ma?
Lop yu ema,...
lop yu abah....
wasalamu’alaikum
wr.wb
Anakmu
tersayang,
Dadang
si kasep tea
Ema :
eleuh..eleuh... bah si dadang teh meni nekad, ema jadi teu genah hate
kieu.......... telepon atuh bah, telepon si dadang.
Abah :
sabar ma, sabar ...(nelpon si dadang : tuuut ....tuuut...tuuut nomor yang anda
tuju sedang tidak aktif, cobalah beberapa saat lagi). Halo? Si dadang mana? Ieu
saha ieu? Eh, dipareuman si ontohod teh!
Ema :
kunaon bah? Si dadang mana ? kadieu ema hoyong ngomongjeung si dadang!
Abah :
naon da ieu mah nu ngangkatna ge lain si dadang, kalahkah awewe nu ngangkat
telepon na oge.
Ema :
hah? Wah bah bahaya, boa-boa si dadang teh diditu keur jeung awewe lain kitu
bah?
Abah :
tapi da ma, awewena teh lainna ngomong halo, ieu mah kalahkah ngomong kieu
“nomor yang anda tuju sedang sibuk, cobalah beberapa saat lagi.” Tah kitu.
Ema :
euleh si abah, panya teh he’eh si dadang diditu teh jeung awewe lain!
Abah :
tuluy, ati tadi saha atuh nu ngomong ari lain awewe salingkuhan si dadang mah ?
Ema :
eta nu ngomong mah operator bah!
Abah : oh,
operator panya teh saha. Eh, ai si operator teh sahana si dadang?
Ema :
euleuh.... abah meni gaptek! Operator teh eta..... ah teu penting eta mah.
Abah :
tah, eta si gaptek saha deui? Naa, babaturanna si operator kitu?
Ema :
aduh si abah mah lier, teuing ah bah ayeunamah nu penting si dadang kumaha?
Abah :
tanyakeun weh ka si operator, apanan si operator teh babaturanna si dadang nu
anyar!
Ema : eh
si abah !!
Ema
langsung ka bumina enok. Maksadnamah dek ngabejaan kaayaan si dadang.
Di imah enok ...
Ema :
enoook .... enooook....
Ma ijah : heh, aya naon ieu ribut-ribut?
Ngaganggu pisan!
Ema :
kieu, si dadang teh kabur !
Ma ijah : nya terus hubunganna jeung didieu naon
?
Ema :
muhun, ieu teh bade ngabejaan si enok. (ngomong lalunan) euh, dibageur-bageur
kalakah sosorongot!
Enok :
(jol ti jero imah) aya naon ma ?
Ma ijah : engges .... engges, si enok mah geus
boga calon jadi eweuh urusan deui jeung si dadang!
Ema :
nya puguh aya, yeuh dengekeun, si dadang teh kabur gara-gara saha?
Ma ijah : tuh gara-gara anak maneh si enok!
Ma ijah : kunaon kitu jeung si enok ?
Ema :
eh, si dadang teh kabur gara-gara anak maneh, eta si enok. Demi rek ngalamar si
enok, si dadang teh ngabela-belaan kabur ka jakarta keur gawe!
Ma ijah : nya eta mah salah si dadang bet kabur!
Titah saha kabur sok? Barinage mun si dadang geus gawe, angger weh moal satuju
boga minantu kos si dadang! Teu lepel!
Sementara
kaayaan dadang di kota
Dadang : (bari leumpang) euleuh-euleuh, ieu teh
jakarta kitu? Imah-imahna alalus euy, beda pisan geuning jeung imah di lembur
mah. Euleuh, jakarta-jakarta, beuneur-beuneur gening ibu kota teh, hebat
euy?....
Tukang pokarewet : pokarewet.... pokarewet ....
pokarewet (lenpang bari nubruk dadang)
Dadang :eh si emang, ati-ati atuh mang!
Tukang pokarewet :eh, si ujang, ti lemburnya
jang? Jang, bade pokarewet?
Dadang : muhun mang, bisaan euy si emang nebakna.
Naha mang eta pokarewet teh naon?
Tukang pokarewet : nya bisa atuh jang. Apanan
emang oge sarua ti lembur. Naon? Ieu? (bari nuduhkeun pocari sweet)
Dadang : muhun
Tukang pokarewet : oh, ieu teh pokari sweet.
Dadang : oh, pokari suwet. Panya teh naon. Tapi
tadi mah emang teh lain ngomong pokari suwet, naon tah tadi teh?
Tukang pokarewet : pokarewet ?
Dadang : tah eta!
Tukang pokarewet : nya pan tadi tos di bejaan ku
emang, emang teh sarua kos ujang ti lembur. Janten teu tiasa nyebat pokari
sweet!
Dadang : tah eta geuning bisa !
Tukang pokarewet : eta mah conto atuh jang!
Dadang : oh, conto!
Tukang pokarewet : ari ujang bade naon ka jakarta
?
Dadang : ieu mang, dadang teh bade nyiar gawe.
Kumargi dadang teh bade milairian artos kanggo ngalamar si enok di lembur.
Tukang pokarewet : oh kitu, sok atuh nya cing
sukses milari gawena. Ngan ati-ati nya jang?
Dadang : naha mang? Ati-ati kunaon?
Tukang pokarewet : yeuh kadie jang, ku emang
bejaan!
Dadang : he’eh sok mangga!
Tukang pokarewet: kieu jang, di kota mah urang
teh kudu waspada tur ati-ati. Sabab, di dieu mah rawan panipuan jeung
pancopetan! ( bari nyokot dompetna si dadang)
Dadang : oh kitu nya mang?
Tukang pokarewet : nya emang kitu, matak kudu ati-ati nya jang?
Lamun anu teu kenal mah ulah diladenan weh nya?
Nya entos atuh emang bade neraskeun deui dagangna, mun kitu mah nuhun
nya jang?
Dadang : mangga mang, mangga. Eh si emang
bageur-bageur teuing. Kedahna oge dadang anu ngomong nuhun teh da entos di
wartosan ku si emang! (nyekel beuteng) aduh, dadang lapar euy, dek meuli dengeunna
heula ah. (mariksa saku) euleuh ari loket dadang kamana? Ah, ken bae lah
leungit loket hungkul mah, barinage euweuh eusina, nagan aya poto hungkul.
Sementawis
tukang pokarewet mariksa loket si dadang.
Tukang pokarewet : untung euy, ayeuna meunang
loket (bari muka loket). Eleuh... naon eusina teh ngan poto hungkul? Euh dasar
abong ti kampung. Cik heula asa apal ieu poto teh, poto sahanya? Oh .... ieu
teh tatangga pas baheula di lembur. Aduh si ieu teh budakna si abah oyoh tea
geningan. Engke welah mun papanggih urang baliken deui.
Di
jalan bakat ku kagum ka bangunagn di kota, dadang teu merhatikeun jalan.
Dadang : uluh.... meni raresep kieu euy di kta
mah. Mun dadang geus beunghar mah dek
pindah ka kota. Harade kieu bangunanna.(nabrak awewe ngarana priciel)
Prieciel : aw!!
Dadang : (terpesona) wah....
Prieciel : (ngibaskeun buuk)
Dadang : witwiw .....
Prieciel : ih apaan sih lo ?
Dadang : neng meuni ka geulis pisan!
Prieciel : nora banget sih!
Dadang : euh si neng meuni ka sombong pisan.
Prieciel : masalah buat lo? (bari indit)
Isukna
di deukeut kampus prieciel, si dadang keur lempang neangan gawe.
Dadang : euleuh ieu teh kudu kumaha deui dadang
teh nyiar gawe? Meunika hese pisan geuning neangan gawe di kota teh.
Prieciel
ngobrol jeung claudya.
Prieciel : dea gimana dong, gue lagi butuh supir
nih. Gue cape harus nyetir sendiri. Pegel lagi.
Claudya : hello... sekarang kan zaman canggih.
Pampang di koran ke di mana ke. Gausah dibawa ribet deh. Gitu aja ko ribet sih.
Prieciel : oh iya ya kenapa gue ga kepikiran.
Claudya : makanya berfikir cerdas dong kaya gue.
Prieciel : wuu ... cerdas apaan lo.
Claudya : hehehe.
Prieciel : (ditabrak dadang) aww!
Dadang : euleuh si neng geuningan.
Prieciel : ih lo lagi lo lagi, apa sih mau lo.
Dadang : aduh si neng meuni galak tea, sabar atuh
neng. Yeuh neng dadang teh nuju bingung lamun nyiar gawe kamana nya ?
Claudya : (bari ngaharewos), ciel, kesempatan
emas nih. Jadiin aja dia supir lo!
Prieciel : lo yakin ?
Claudya : gue yakin lah!
Dadang : naon atuh neng kalahkah haharewosan?
Prieciel : hmm .... gue mau ngasih pekerjaan buat
lo.
Dadang : ciyus eta teh neng?
Prieciel : beneran, tapi lo bisa nyetir mobilkan?
Dadang : oh, gampang atuh neng. Dadang ge di
kampung sok nyetiran, nyetiran munding.
Prieciel : ya apalah, mundang munding, yang
penting lo bisa nyetir dan lo langsung kerja sekarang. Gimana ?
Dadang : aduh ....nuhun pisan neng. Dadang teh
siap wae atuh sok hayu lah.
Prieciel : oke, nih kunci obilnya.
Sementawis
di kampung si enok ngalamunkeun dadang.
Enok : (monolog)
kang dadang .... kamana atuh kang dadang teh? Teu aya ngabaran pisan. Enok teh
kangeun ka akang, akang oge kangen teu ka enok? Inget teu ka enok? Boa-boa
akang teh pependang jeung istri nu lewih geulis ti enok. Euleuh..... enok teh
jadi teu genah hate kieu. Kudu kitu enok teh narima lamaran kang soleh? Tapi
kang dadang?
Ma ijah : heh enok ! maneh keur naon didinya?
Laina geura sare. Maneh teh pastoi mikiran si dadang nya? Euh jalma kitu wae
dipikiran! Mending ge tah si soleh, keurmah beunghar, bageur deuih.
Enok :
euh... heunteu mah, enok teh teu mikiran si dadang, enok teh mikiran kang soleh
iraha atuh ngalamar enok.
Ma ijah : enok teh teu salah? Enok teh dek nikah
jeung si soleh? Euleuh-euleuh ema teh meuni bungaah kieu.
Enok :
muhun ma, enok ngalakukeun ieu teh demi ema, enok siap nikah jeung kang sokeh
demi ema.!
Ma ijah : tah kitu atuh nok. Eungke teh urang kan
jadi beuki beunghar. Aduh ema teh teu sabar ngabaran si soleh.
Geus
sababaraha bulan si dadang di kota teu ngabaran ema jeung abah di kampung.
Ema :
bah, ges geus sabaraha bulan ieu si dadang teh teu ngabaran pisa. Ema teh
hariwang pisan.
Abah : ah
da si dadang teh geus gede. Engke oge balik deui kadieu.
(henpon abah disada) kringgg...... kringgggg
Ema :
bah bah, eta telapon teh kring-kringan? Saha eta teh nu nelepon? Meuni
ngagandengan pisa.
Abah :
keun urang angkat heula. “halo, tong ngagandengkeun ai nelepon teh. Bejaan
heula mun dek nelepon jadi teu gandeng.
Dadang : halo, ieu teh abah?
Abah :
abah abah, jiga nu kenal wae maneh teh!
Dadang : ai abah, ieu teh dadang anak abah, nu
kasep tea?
Abah : oh,
dadang! Dadang anak abah numana heula ieu teh?
Dadang : har ai abah, emang abah boga anak nu
ngarana dadang sabaraha hiji? Ieu teh dadang suradang tea.
Abah : oh,
bejaan atuh titatadi.
Dadang : eh si abah mah, tatadi geus dibejaan ge.
Abah :
he’eh, hampura weh, da abah teh geus kolot.
Ema :
bah, eta teh saha atuh? Meni asa rariweh.
Abah : ieu
teh si dadang geuning ma, nu gandeng teh.
Ema : oh
si dadang, cik kadieu ema hayang ngomong. (bari nyokot telepon nu keur di
cekelan ku abah) dang.
Dadang : halo ma, geus heulanya ma ieu pulsana
bisi beak. Asalamu’alaikum. (tut...tut...tut...)
Ema :
dang ..? dang ..? halo..? eh kalahkah tututan.
Abah :
naon atuh ma ?
Ema :
ieu si dadang teh diajak ngomong kalahkah hayang tutut. Jeung teu ngomong deui.
Abah : har
ai si dadang teh kumaha? Cik kadieu (ninggali hape) euh ema, ieu mah dipareman,
lain hayang tutut.
Ema : oh
kitu, da ema mah teu apal atuh.
Mangbulan-
bulan si dadang di kota, akhirna dadang balik deui ka kampung, mawa duit keur
ngalamar si enok.
Dadang : asalamu’alaikum. Ma ... bah .... ieu
dadang.
Ema :
aduh, ieu teh dadang anak ema tea pan?
Abah : ieu
teh dadang, cik keneh asa leutik keneh, ayeuna ges sagede kieu deui.
Dadang : muhun ma, bah ieu teh dadang.
Ema :
euleuh... hayu atuh kasep ka leubet. Ema teh tosmasak tuh.
Sorena
si dadang geus siap dek ngalamar si enok.
Dadang : eeeennnnoooookkkkkk.......... (slow
motion)
Enok :
(pas dadang tereh deukeu enok) stop heula kang!!
Dadang : kunaon nok ? (bingung)
Enok :
enok teh bade nyarios ka akang.
Dadang : muhun apan akang oge bade nyarios ka
enok. Tapi sok atuh enok heula, ledis pers tea.
Enok :
kieu kang, sateuacanna enok teh bade nyungkeun hapunteun ka akang. Sabenerna
enok teh......
Dadang : sabenerna enok teh naon ...?
Enok :
enok teh tos nikah sareng kang soleh. Sakanteunan enok teh bade pamitan ka
akang. Enok teh bade pindah sareung kang soleh.
Dadang : jadi... enok teh.....
Enok :
muhun kang. Enok nyungkeun hapunteun kang. Kang, ari akang tadi bade nyarios
naon?
Dadang : euh... heunteu, eta euh...dadang teh
bade euh... eta ngamandian munding.
Enok :
tapi sanesna munding teh tadi tos di mandian?
Dadang : euh... eta naon teh euh... can di sikat
gigian. Tos atuhnya nok. Selamet weh nya.(bari indit)
Monolog
dadang.
Dadang : neng enok teh meuni tega pisan ka akang.
Akang teh jauh-jauh merantau neangan duit keur ngalamar enok, tapi enok teh
khianat. Enok teh teu satia ka akang. Mun kitu teh keur naon atuh akang balik
deui ka dieu, ai ninggali enok jeung nulainmah. Ah sedih....
Di
kampung, si pieciel jeung si claudya ojol-ojol datang ka kampung si dadang.
Prieciel : kita harus kemana ya sekarang ?
Claudya : coba kita tanya aja ke ibu warung yang
di situ.
Prieciel : yuk! (nanya ke ibu warung) bu,
permisi.... kalau mantog kemana ya?
Ibu warung : har, ai rek mantog mah kamana weh.
Make jeung tatanya!
Claudya : bukan bu, maksudnya kita nyari ma
entog, emanya si dadang.
Ibu warung : oh, wawartos atuh neng. Kompromi
heula atuh. Tuh kaditu, belok kanan, aya pager awi, beok kiri, aya tangkal
sampeu, lurus tah didinya imah ma entog teh. Tah di anteur ku si neng.
Prieciel : oh, gitu bu, makasih ya bu. Yuk neng.
Tos
lami di jalan, ahirna prieciel jeung claudya nepi oge di ima si dadang.
Neng : tah
ieu bumina kang dadang teh. (ngageuroan ema) ma.... ma.... ieu aya teteh ti
kota.
Ema :
saha nya neng ?
Neng :
duka da nyariosnamah bade ka kang dadang. Nya atos atuh teh, neng pamit heula
da tos aya si ema.
Prieciel : oh iya, makasih ya neng.
Neng :
muhun, sawangsulna. (bari indit)
Ema :
neng, neng teh dari kota ?
Prieciel : iya ma, dadang nya ada ?
Ema :
ada tuh sedang ngangon munding di belakang.
Prieciel : oh iya ma makasih, saya kesana dulu ya
ma.
Dadang
ti jauh ninggali prieciel.
Dadang : euleuh itu teh sahanya? asa apal.
Prieciel : dang !
Dadang : eh neng prieciel, aya naon kadieu?
Kangen nya ka dadang?
Prieciel : gini dang, aku kesini mau ngasih kamu
ini. (ngasongkeun ondangan)
Dadang : naon ieu eh neng ?
Prieciel : itu undangan nikah aku sama sam.
Dadang : jadi neng prieciel teh mau....
Prieciel : iya dang, kamu dateng ya ?
Dadang : euh... euh.. ii iya neng.
Prieciel : yaudah dang, aku pulang dulu ya. Bye.
Dadang
nu ngadenge berita eta sedih.
Dadang : (monolog) nahanya hirup dadang teh meuni
kieu-kieu teuing. Naon salah dadang teh? Neng enok nikah jeung si soleh. Neng
prieciel? Dek kawin. Euleuh... beuner hirup teh peurih. Tapi dadang teh ulah
patah semangat, hirup mah kudu optimis. Dadang yakin pasti engke dadang meunang
nu lewih ti neng enok jeung prieciel. Amin...
“TAMAT”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar